B. Daerah

Pertanyaan

kecap ember asalna tina basa walanda anu ngandung harti??

1 Jawaban

  • Kecap ember asalna tina basa walanda anu ngandung harti nyaeta wadah pikeun neundeun atawa nandean cai. Kecap ember anu digunakeun dina basa Sunda disebut kecap serepan, atawa dina basa Indonesia disebut kata serapan, anu asalna tina basa asing, nyaeta basa Walanda. Kecap serepan nyaeta kecap anu digunakeun dina hiji basa anu asalna tina basa asing.

    Pembahasan

    Biasana hiji kecap serepan digunakeun dina hiji basa kusabab eta kecap dianggap pas atawa cocog digunakeun atawa henteu aya padanan kecapna dina eta basa. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Aya sawatara kecap serepan dina basa Sunda anu miboga ragam basa.

    Kecap serepan dina basa Sunda anu miboga ragam basa utamana kecap serepan nu asalna tina basa Arab. Contona, dina basa Sunda mah kecap sholat teh kaasup kana ragam basa loma, Kecap lemesna sholat nyaeta netepan. Kitu oge kecap maksud anu asalna tina basa Arab dianggap ragam basa loma, lemesna nyaeta maksad.  

    Tapi sabalikna, kecap abdi anu asalna tina basa Arab oge, dina basa Sunda kaasup kana ragam basa hormat / lemes. Kecap abdi dina ragam basa loma nyaeta kuring. Tapi aya oge kecap serepan anu teu miboga ragam basa, saperti kecap ember bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma.  

    Aturan atawa katangtuan anu ngatur ragam basa dina basa Sunda sok disebut Tatakrama Basa Sunda. Samemehna, aturan ngeunaan ragam basa dina basa Sunda disebutna Undak usuk Basa Sunda.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Tingkatan bahasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/6748792
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Bab : 8

    Kode : 3.13.8

    Kata Kunci : Ember, kata serapan, basa Sunda, undak usuk basa Sunda

Pertanyaan Lainnya