Deskripsi lagu es lilin pake basa sunda
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Lagu Es Lilin nyaeta hiji lagu anu kaasup jenis lagu Sunda anu disebut kawih. Aya sawatara rupa lagu Sunda, nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Kawih, kakawihan jeung tembang teh kaasup kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi.
Kawih jeung kakawihan kaasup kana wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mah kaasup kana wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Kukituna, kusabab lagu Es Lilin teh kaasup kana kawih, rumpaka kawih Es Lilin henteu kaiket ku aturan, saperti aturan nu aya dina pupuh.
Pembahasan
Sanajan kawih Es Lilin teh henteu kaiket ku aturan, dina hiji rumpaka kawih, saperti kawih Es Lilin, aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka kawih. Unsur-unsur nu aya dina rumpaka kawih nyaeta unsur jejer atawa tema, unsur nada atawa suasana, unsur rasa jeung unsur amanat.
Contona umpama urang nilik unsur jejer atawa tema nu aya dina kawih Es Lilin. Umpama nilik kana kekecapan nu aya dina kawih Es Lilin, eta kawih teh bisa wae miboga tema ngeunaan kadaharan. Tapi, umpama ditilik leuwih jero deui, tema atawa jejer tina kawih Es Lilin teh nyaeta ngeunaan asmara atawa silihasih, kasih sayang.
Naon sababna tema kawih Es Lilin teh bisa ngeunaan asmara lain ngeunaan kadaharan?. Sihoreng sanggeus ditilik sakabeh rumpaka Es Lilin, eta kawih teh miboga wangun rumpaka saperti sisindiran, nyaeta aya bagian cangkang atawa sampiran jeung bagian eusi.
Bagian cangkang kawih Es Lilin kekecapanana ngeunaan kadaharan nyaeta "es lilin", sedengkeun bagian eusi kawih Es Lilin kekecapanana ngeunaan asmara. Kukituna, ku ngagunakeun unsur-unsur nu aya dina rumpaka kawih, urang bisa nilik atawa nganalisa eusi rumpaka eta kawih.
Pelajari lebih lanjut
1. Unsur amanat kawih Es Lilin https://brainly.co.id/tugas/780443
2. Jenis-jenis kawih https://brainly.co.id/tugas/2446825
3. Kawih, kakawihan jeung tembang https://brainly.co.id/tugas/6730910
-----
Detil Jawaban
Kelas : XI
Mapel : Bahasa Sunda - Kawih
Bab : 1
Kode : 11.13.1
Kata Kunci : Kawih, kawih Es Lilin