Pengertian pupuh Kinanti dalam bahasa Sunda
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Pupuh Kinanti nyaeta tembang pupuh anu miboga watek ngagambarkeun rasa deudeupeun, kesel keur nungguan, atawa kanyaah. Pupuh nyaeta patokan atawa aturan anu digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi Sunda anu kaiket ku aturan jeung puisi Sunda anu henteu pati kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Wawacan jeung guguritan kaiket ku aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu henteu pati kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak jeung kawih.
Aya 17 rupa aturan pupuh, anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta anu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Pupuh Kinanti ayana dina kelompok pupuh Sekar Ageung. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh Kinanti jeung pupuh Sinom, Asmarandana jeung Dangdanggula dina Sekar Ageung sok disebut pupuh KSAD. Dina nepikeunnana pupuh sok dihaleuangkeun make tembang, kusabab kitu pupuh sok disebut oge tembang. Pupuh Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ku leuwih ti hiji rupa tembang. Sedengkeun pupuh Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ku ngan saukur hiji rupa tembang.
Wawacan biasana sok ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung wungkul. Sedengkeun guguritan biasa ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung atawa anu aya dina Sekar Alit. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh Kinanti nyaeta 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Sedengkeun watek atawa karakter anu aya dina pupuh Kinanti, saperti geus disebutkeun di luhur, rasa deudeupeun, kesel keur nungguan, atawa kanyaah.
Belajar lebih banyak tentang "Pupuh Kinanti" dalam bahasa Sunda di :
https://brainly.co.id/tugas/7899118
https://brainly.co.id/tugas/5409377
https://brainly.co.id/tugas/1638520
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
Kelas : VIII (2 SMP)
Kata Kunci : Pupuh kinanti, guguritan, pupuh