conto kawih sunda jeung pangarangna.. Tolong bantuin yang baikkk besok harus dikumpul kann... Terimakasih sebelumnya.....
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Conto kawih Sunda jeung pangarangna nyaeta kawih Manuk Dadali karangan Sambas Mangundikarta. Manuk Dadali teh maksudna nyaeta Manuk Garuda. Kawih Manuk Dadali teh eusina ngeunaan sumanget kabangsaan. Kawih nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang teh kaasup kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi.
Pembahasan
Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Sanajan kawih teh teu kaiket ku aturan, dina rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka kawih, nyaeta unsur jejer atawa tema, nada jeung suasana, rasa sarta amanat. Di handap ieu nyaeta lirik kawih Manuk Dadali salengkepna:
MANUK DADALI
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Mébérkeun jangjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung perténtang taya bandingannana
Dipikagimir dipikasérab ku sasama
Taya karempan kasieun lébér wawanénna
Refrain :
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabéhna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis béla pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia
Ditilik tina rumpakana, kawih teh rek siga sajak nyaeta mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Kusabab kawih henteu kaiket ku aturan kawih sok disebut oge lalaguan Sunda bebas. Kitu oge dina dina munggaran ayana sajak, sajak kungsi disebut "sajak bebas". Dina munggaran ayana dina sastra Sunda, sajak kungsi ditolak sabab sajak mah henteu siga puisi Sunda lianna anu kaiket ku aturan, tapi ahirna sajak bisa ditarima dina sastra Sunda.
Pelajari lebih lanjut
- Contoh kawih https://brainly.co.id/tugas/433806
- Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
- Kawih, kakawihan dan tembang https://brainly.co.id/tugas/6730910
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Kawih
Bab : 1
Kode : 8.13.1
Kata Kunci : Conto kawih Sunda jeung pangarangna