B. Daerah

Pertanyaan

Pidato bahasa sunda tentang mencari ilmu

1 Jawaban

  • Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh. 

    Ibu Kepala Sakola…………Bapak Guru miwah Ibu guru anu ku abdi dipihormat.Abdi atas nami rerencangan sadaya kelas genep SD Muarasari hiji, sami sami ngucapkeun rasa syukur ka Gusti nu Maha suci. Rehna dugi ka danget ieu abdi sadaya masih dikersakeun tiasa tepung lawung, kumpul ngariung bongkok ngaronyok sareng rerencangan miwah ibu sareng Bapak sadaya. 
    Anu tangtos pada aya dina pinuh ku rasa bungah, lega ku kabagjaan kalayan di jejeran ku ni’mat sehat anu teu kawilang hargana. 

    Kecap ni’mat ,……kabungah,……. Sarta kabagjaan anu nuju tumiba ka abdi sadaya rupina teu kedah dipedar, di wincik hiji-hiji, tangtos kusadaya tos katara, ….. atra jelas eces jentre tos marele. 
    Anu pang pangna nu ngajantenkeun puncak kabungah pikeun abdi sadayana teu aya deui iwal ti kecap ,….. TAMAT sarta LULUS. 

    Ibu……., Bapak……., 
    Abdi sadar…………., 
    Salami genep taun abdi di asuh, Salami genep taun abdi di asah……, Salami genep taun abdi di wuruk,……. Dibina, …..di bimbing………dipapagahan…….di eusian mangpirang-pirang elmu, ti kawit abdi teu tiasa tug dumugi katiasa daya. 

    Kedah kumaha abdi teh mulang tarima ka ibu sareng ka bapa ……….jasa bapa sareng ibu anu teu kinten ageungna, anu sesah ngetangna …….abdi sadaya teu tiasa kumawasa 
    Abdi nyanggakeun sujud syukur ka ibu sareng ka bapa ………. 
    Mugi saniskanten kaikhlasan amal bakti ibu sareng bapa, kenging pang bales ti Allah Subhanahu Wata’ala ….. Amin yarobbal’alamin. 
    Salami ieu abdi sadar …… anu tangtos salami genep taun abdi seueur pisan kalepatan, seueur ngaganggu kana emutan sareng manah ibu-bapa guru anu sawaktos-waktos abdi tiasa ngajengkelkeun ka ibu sareng ka bapa. 
    Kukituna AGUNG CUKUP LUMUR, JEMBAR HAPUNTENNA anu di teda ku abdi sadaya. Mugi bapak miwah ibu ngahapunten kana sanis kanten kalepatan,….. kahilapan,….. sareng kabodoan abdi. 
    Cunduk kana waktu datang kana mangsa, waktu anu nangtukeun, mangsa anu bakal misahkeun….. ayeuna mangsana abdi sadaya …… amit mundur, amit mungkur ….. 

    Sanggem paripaos ; “ UNDUR KATINGALI PUNDUK, DATANG KATINGALI TARANG “ abdi pisah bakal paanggang, abdi undur tangtu pajauh. Tapi undur lain tambuh laku, pisah lain kabawa ku sakaba-kaba. Ieu mah undur lumaku jauh, pikeun nuluykeun ngajugjug elmu, anu punjul leuwih luhur. 

    Cag urang tunda dihanjuang siang, teangeun sampeureun jaga…… sujud syukur sembah pido’a, gupay pang jajap anu di teda ti ibu sareng ti bapa …… pang jajap kadeudeuh hate. 
    Do’a anu pinuh ku kanyaah 

    “ PILEULEUYAN ……, PILEULEUYAN, SAPU NYERE PEGAT SIMPAY…….” 
    PATURAY PASTI PAANGGANG, SANES WAKTOS PATEPANG DEUI. 

    Barokallahu Li walakum 

    Wassalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.

Pertanyaan Lainnya