B. Daerah

Pertanyaan

Naon anu di maksud rumpaka kawih

1 Jawaban

  • Rumpaka kawih nyaeta kekecapan atawa lirik kawih. Kawih mangrupakeun lalaguan Sunda anu kaasup kana seni sora. Sedengkeun rumpaka kawih ditulis dina wangun ugeran atawa puisi. Jadi, dina kawih aya dua rupa unsur seni, nyaeta unsur seni sora atawa musik jeung unsur seni sastra.

    Umpama ditilik rumpakana, kawih kaasup kana puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Rumpaka kawih henteu siga rumpaka tembang anu kaiket ku aturan pupuh. Rumpaka kawih kekecapannana siga rumpaka sajak, nyaeta henteu pati kaiket ku aturan.

Pertanyaan Lainnya